PULLE VOICE

Artikel #2


Listen Later

artikel téh hartina karya tulis lengkep dina média massa saperti surat kabar, majalah, tabloid, jeung sajabana nu bisa kacangkem ku balaréa. Aya ogé nu nyebutkeun, artikel nyaéta tulisan lepas nu eusina mangrupa opini hiji jalma anu ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna aktual atawa kontrovérsial kalawan udagan pikeun méré nyaho (informatif) jeung ngayakinkeun (pérsuasif arguméntatif), atawa ngahibur halayak nu maca (rékréatif). Nu dimaksud lepas téh sabab saha waé bisa nulis artikel, kalawan topik anu bébas, saluyu jeung minat sarta widang kaahlian dirina masing-masing. Nu nulis artikel raket patalina jeung hiji ideu atawa gagasan ngeunaan pasualan jeung solusi anu hayang ditepikeun ka halayak. Nulis artikel, biasana miboga udagan pikeun nawarkeun solusi pikeun ngungkulan masalah, ngadidik, ngahibur jeung mangaruhan nu maca.

...more
View all episodesView all episodes
Download on the App Store

PULLE VOICEBy Saepul Mubaroq