PULLE VOICE

Carita Pantun


Listen Later

Salah sahiji wanda karya sastra Sunda buhun nu kungsi populér di masarakat nyaéta carita pantun. Dina magelarkeunana pantun mah umumna sok dipirig maké kacapi. Ari jalma anu magelarkeun carita pantun ilaharna disebut tukang pantun atawa juru pantun. Kaumumanana juru pantun, lian ti geus kolot ogé lolobana anu teu ningal (lolong) deuih. Ieu kasenian (karya sastra) pantun téh dina taun 50-an ka ditu mah kungsi ngalaman jaya. Dina éta mangsa pantun téh kacida dipikaresep tur dibagéakeun pisan ku masarakat patani lantaran pantun téh raket patalina jeung tata kahirupan masarakat agraris (tani) anu butuh ku hiburan. Nu matak juru pantun mah kalungguhanana teu bina ti juru penerang di masarakat nu kalungguhanana méh satata jeung dalang (wayang golék) kiwari. Nya teu anéh mun juru pantun harita mah diperedih kudu boga pangabisa tina ruparupa kaparigelan jeung pangaweruh anu jembar. 

...more
View all episodesView all episodes
Download on the App Store

PULLE VOICEBy Saepul Mubaroq