Sign up to save your podcasts
Or
Ayana carpon dina sastra Sunda téh pangaruh ti Éropa. Pangpangna pangaruh ti Walanda, nu kungsi ngajajah urang. Harita mah istilahna bisa disebut henteu pati tétéla, da masih disaruakeun jeung dongéng. Mimiti ayana kira-kira katompérnakeun abad ka-19. Di Éropa jeung di Amérika, disebutna short story. Dina buku Soendanesche Bloemlezing, susunan G.J. Grashuis nu terbit taun 1881 kamuat dua carita karangan R.H. Moehamad Moesa, anu mun ditilik eusi caritana mah geus nyumponan pikeun disebut carpon nu geus béda jeung wangun dongéng. Éta dua carita téh judulna “Hibat” jeung “Santri Gagal”.