Sign up to save your podcasts
Or
Di urang mah aya nu disebut kawih jeung aya nu disebut kakawihan. Saenyana mah éta-éta kénéh, lalaguan anu sok dihaleuangkeun. Ngan baé kakawihan mah biasana sok dihaleuangkeunana téh bari ulin. Atawa, dihaleuangkeunana dina kaulinan barudak. Ku sabab kitu kakawihan mah sok disebut ogé kakawihan barudak. Contona baé kakawihan “Orayorayan”, “Trang-trang Kolentrang”, Trang-trang koléntrang Si londok paéh nundutan Tikusruk kana durukan Mesat gobang kabuyutan jeung “Eundeuk-eundeukan”. Lian ti éta, aya nu disebut kawih, aya ogé nu disebut tembang. Sok dibédakeun éta téh, pangpangna lebah aya henteuna birama (wiletan) jeung ketukan (témpo). Cenah, waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.