Sign up to save your podcasts
Or
Sajak téh bagian tina puisi. Ari istilah ‘puisi’ dina basa Sunda mah jembar pisan, béda jeung istilah ‘puisi’ dina basa Indonésia anu sok disaruakeun jeung ‘sajak’. Dina basa Sunda, puisi téh sarwaning karangan dina wangun ugeran kayaning sisindiran, kakawihan, mantra, guguritan, jeung sajaba ti éta. Sabalikna tina prosa, sarwaning karangan dina wangun lancaran. Sajak ogé dikarangna maké aturan-aturan anu tangtu, upamana diwangun ku baris (padalisan) jeung bait (pada), sarta mentingkeun wirahma jeung purwakanti. Ku sabab éta sajak dikolomkeun kana wangun puisi. Lian ti éta sajak sok disebut puisi modérn dina sastra Sunda mah, lantaran datangna kaitung anyar.