PULLE VOICE

Wawacan


Listen Later

Hidep kungsi apal naon anu disebut wawacan? Wawacan téh nyaéta carita anu ditulis dina wangun pupuh. Nurutkeun para ahli mah wawacan téh lain karya sastra asli urang Sunda, tapi gelarna téh lantaran pangaruh tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda kira-kira dina abad ka-17, basa harita Tatar Sunda dieréh ku Mataram. Wawacan kaasup kana karangan panjang anu ngawangun carita. Eusina nepikeun hiji lalakon anu ngandung hiji téma, jalan caritana, palaku, jeung kasang tukang (latar) tempat jeung waktu. Pupuh anu dipakéna ogé henteu hiji baé, tapi gunta-ganti tur loba, sarta henteu ukur pupuh sekar ageung, tapi diselang ku pupuh sekar alit.

...more
View all episodesView all episodes
Download on the App Store

PULLE VOICEBy Saepul Mubaroq