Kidung Kabungahan 87 Aya Hiji Gusti Luhur Pangkatna
Lagu : Henry Bishop (1826); KK III - No 43, PGP 1927 No. 54
Bahasa Indonesia : Kusditama (2000)
Aya hiji Gusti, luhur pangkatNa,
NamiNa geus sohor kamana-mana,
Laksaan jalma nu nyanggakeun hormat,
Sareng diparuji ku malaikat,
Tacan, tacan nyaho maneh,
Saha eta Gusti anu sohor teh?
Ari eta Gusti, namiNa Yesus,
Hartina Yesus teh mutuh ku alus,
Nulungan kajalma nu euweuh harga,
Nyalametkeun anu baroga dosa,
Saha saha nu percaya,
Meunang panghampura ti Gusti Eta
Gede kawasaNa, eta Gusti teh,
AsihNa kacida ka jalma kabeh
Sakur anu nurut eukeur di dunya,
Tangtu dicarandak asup Sawarga,
Abdi abdi hayang pisan.
dipaparin asih dikarunyaan.
Debby Ariyonathan ,Yanuar V. Dwiputra
Dennis Setya Perkasa Junaedi, Adi R.P Djalimun, Rikki D.N. Immanuel