
Sign up to save your podcasts
Or


Basa Sunda miboga rupa-rupa istilah atawa kecap dina ngagambarkeun hubungan kulawarga atawa duduluran. Dina épisod ieu urang nalungtik naon waé istilah pancakaki atawa silsilah anu aya dina Basa Sunda.
Naha bener urang Sunda téh éléhan? Tapi ogé cenah mah Urang Sunda téh sok ngobrol kasar. Hayu urang ngabahas stéréotip urang Sunda di jaman kiwari.
Baraya aya nu resep Pop Sunda? Aya ogé anu resep Pop Koréa atawa Jepang? Dina épisod ieu sadérék host baris nalungtik laguna kang Gégé Gumilar anu mangrupikeun salasahiji lagu Pop Sunda anu nuju gandrung di tatar internét.
Tos lami teu ngabahas kecap-kecap anu jarang dipaké di wanci ayeuna, urang ngabahas sababaraha kecap siga risbang, bancakan, bendu, maos, jeung sajabana
GUNADI deui, kamana-mendi deui, ayeuna mah para host anu kaleresan nuju meujeuhna sagala rupi karaos badé ngobrolkeun Quarter Life Crisis atawa krisis saparapat abad téa cenah ceuk Sunda mah.
Bénten sareng episod nu lian, di épisod ieu mah urang ngawangkong jeung baraya sobat host nyaéta Kang Arsyad & Teh Sismi dina téma kahirupan rumah tangga.
Di épisod ka sapuluh ieu saderek host kénging kasempetan kanggo diskusi sareng Bapa Darpan, Guru Basa Sunda SMAN 1 Garut anu ogé janten Ketua LBSS Bandung.
Urang Sunda pasti bisa ngomong basa Indonésia ogé kusabab Tatar Sunda geus ngahiji jadi bagéan tina Nagara Indonésia. Tapi Basa Sunda na sorangan téh geus wedal jauh saacan Basa Indonésia dijadikeun basa nasional. Matak wajar lamun aya sababaraha kecap di Basa Sunda anu sarua jeung kecap di Basa Indonésia tapi miboga harti anu béda. Hayu urang bahas sababaraha conto kecapna.
Balik deui ka ségmén GUNADI, ayeuna urang ngabahas kalangenan (hobi). Kabeneran host Posundan boga kalangenan nu sarua nyaéta lalajo film & drama Jepang jeung Koréa, baraya Posundan aya ogé teu anu miboga kalangenan nu sarua?
From the publisher's feed