Sign up to save your podcasts
Or

Istilah panumbu catur lamun dina sawala mah hartina téh sarua jeung moderator, nyaéta jalma anu tugasna mingpin sawala. Saupama dina hiji waktu hidep dipapancénan jadi panumbu catur, dipiharep bisa ngahirupkeun suasana lumangsungna sawala. Panumbu catur kudu numuwuhkeun sumanget para pamilon ilubiung dina sawala. Sok sanajan ragotna sawala gumantung kana matéri anu dipedarna sarta cara pangjejer nepikeunana, tapi panumbu catur ogé jadi salah sahiji aspek nu mangaruhan lancarna proses sawala. Ari anu disebut sawala nyaéta kagiatan pikeu madungdengkeun hiji masalah anu dianggap penting ku para pamilonna sarta ngahasilkeun hiji kacindekan.
Dina kahirupan sapopoé urang sok diperedih pikeun ngalaporkeun hiji kagiatan, utamana kagiatan-kagiatan anu sipatna formal. Contona baé, sabada ngalaksanakeun kagiatan OSIS, pupuhu OSIS kudu nyieun laporan ka Pembina OSIS atawa ka Pembina ékstrakurikulér. Aya ogé laporan kagiatan anu ditulis keur kaperluan nyebarkeun informasi ka balaréa. Laporan kieu téh biasana patali jeung kagiatan jurnalistik. Nu ngalaporkeunana réporter atawa wartawan. Hidep ogé anu di sakolana boga majalah sakola atawa boga mading nu dikokolakeun kalayan daria, tangtu sok nyieun laporan kagiatan keur terbitkeuneun atawa témpélkeuneun dina mading.

From the publisher's feed