
Sign up to save your podcasts
Or


Wawancara téh kagiatan tanya jawab antara hiji jalma jeung jalma lian. Aya kalana henteu duaan baé, tapi sok lobaan, boh nu nanyana, boh narasumberna. Sok katempo geuning ku urang dina televisi, kumaha réporter nanya masarakat, atawa présénter berita ngawawancara narasumber. Tujuanana sarua, hayang ngagali informasi saloba-lobana. Ku sabab éta deuih, kagiatan wawancara téh saenyana lain ngan keur kaperluan nyusun atawa nepikeun warta. Wawancara bisa dilakonan ku saha baé keur ngumpulkeun informasi ti narasumberna, saperti dokter ngawawancara pasénna, ménéjer pausahaan ngawawancara calon karyawanna, jeung sajaba ti éta.
Drama anu dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut téater tradisional. Upamana baé banjet, longsér, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komédi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa. Sandiwara téh saéstuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal abad ka-20. Wangun téater tradisional anu ditataan di luhur téh sok disebut ogé téater rakyat anu di antara ciri pagelaranana téh tanpa naskah. Jadi, éstuning ngandelkeun improvisasi pamaénna baé dumasar kana pituduh ti sutradara.
Ayana carpon dina sastra Sunda téh pangaruh ti Éropa. Pangpangna pangaruh ti Walanda, nu kungsi ngajajah urang. Harita mah istilahna bisa disebut henteu pati tétéla, da masih disaruakeun jeung dongéng. Mimiti ayana kira-kira katompérnakeun abad ka-19. Di Éropa jeung di Amérika, disebutna short story. Dina buku Soendanesche Bloemlezing, susunan G.J. Grashuis nu terbit taun 1881 kamuat dua carita karangan R.H. Moehamad Moesa, anu mun ditilik eusi caritana mah geus nyumponan pikeun disebut carpon nu geus béda jeung wangun dongéng. Éta dua carita téh judulna “Hibat” jeung “Santri Gagal”.
Di urang mah aya nu disebut kawih jeung aya nu disebut kakawihan. Saenyana mah éta-éta kénéh, lalaguan anu sok dihaleuangkeun. Ngan baé kakawihan mah biasana sok dihaleuangkeunana téh bari ulin. Atawa, dihaleuangkeunana dina kaulinan barudak. Ku sabab kitu kakawihan mah sok disebut ogé kakawihan barudak. Contona baé kakawihan “Orayorayan”, “Trang-trang Kolentrang”, Trang-trang koléntrang Si londok paéh nundutan Tikusruk kana durukan Mesat gobang kabuyutan jeung “Eundeuk-eundeukan”. Lian ti éta, aya nu disebut kawih, aya ogé nu disebut tembang. Sok dibédakeun éta téh, pangpangna lebah aya henteuna birama (wiletan) jeung ketukan (témpo). Cenah, waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.
Drama téh nyaéta carita atawa lalakon anu diwujudkeun dina wangun paripolah jeung paguneman, maksudna pikeun dipintonkeun. Anu kaasup garapan sastra dina drama nyaéta naskahna, naskah drama anu jadi dadasar pintonan drama. Salian ti naskah keur pintonkeuneun téh, aya ogé karangan drama pikeun bacaeun anu disebut closét drama.
Carpon téh singgetan tina carita pondok. Pangna disebut carita pondok lantaran ukuran caritana kaitung pondok. Béda upamana jeung carita novel anu umumna paranjang. Nu disebut ukuran pondok téh kirakira opat lima kaca, atawa bisa ditamatkeun dina waktu wewelasan menit, komo lamun dibacana bari gancang.
Dina hasanah kabudayaan Sunda kawih téh geus aya ti baheula. Malah ngaran-ngaran kawih geus kacatur dina naksah buhun, siga dina naskah Siksa Kandang Karesian nu ditulis dina awal abad ka-16. Tangtu baé mekarna kawih Sunda téh ngindung ka pajamanan. Sabab, kawih téh apan seuhseuhanana mah wangun éksprési nu dikedalkeun dina lagu. Ari nu di éksprésikeunana tangtu situasi, kaayaan, atawa kabiasaan dina hiji jaman téa. Upamana baé, éksprési cinta dina kawih taun 1970-an, tangtu bakal béda jeung éksprési cinta dina kawih tahun 2017-an.
Mun urang nulis résénsi (novél), upamana bisa dimimitian ku cara ngébréhkeun heula téma karangan (novél), terus ngébréhkeun naon nu hayang ditepikeun ku pangarang ngaliwatan éta novél. Téma éta novél téh bakal leuwih karasa jeung leuwih nonggérak mun dilengkepan ku deskripsi ngeunaan eusi novél katut unsur-unsur intrinsikna (galur, latar, penokohan) sagemblengna.
Cara midangkeun laporan kagiatan téh bisa ku rupa-rupa cara. Aya anu formal maké struktur bab jeung sub bab, aya ogé anu teu formal make narasi. Tapi boh nu formal boh nu teu formal struktur laporanana mah teu pati béda. Didadarkeun heula kasang tukang jeung tujuanana, didadarkeun prosés kagiatanana, sarta dipungkas ku hasil kagiatan.
Sacara étimologis, kecap résénsi asalna tina basa Latin, nyaéta tina kecap revidere atawa recensere, nu hartina ningali deui, nimbang atawa ngajén. Résénsi nyaéta tulisan nu eusina tinimbangan ngeunaan kualitas karya hiji buku. Karya nu dimaksud di dieu nyaéta bisa buku, film, pertunjukan atawa drama. Nulis résénsi buku dina dasarna sarua jeung nulis anu lian. Buku anu kumaha anu dirésénsi téh? Teu aya katangtuan ari buku anu mana-manana mah, ngan buku anu dirésénsi biasana buku-buku anu dipedalkeun (terbitan) anyar, tur éta buku téh dianggap perlu dibaca ku balaréa. Buku anu geus terbitna geus heubeul gé sakapeung sok aya anu ngarésénsi.
From the publisher's feed