Biografi téh sok disebut ogé riwayat hirup (bio, hirup; grafi, catetan atawa tulisan). Eusina ngadadarkeun riwayat hirup hiji jalma, boh nu masih jumeneng atawa nu geus maot. Ti mimiti iraha brolna ka alam dunya, kumaha keur leutikna, kumaha sakolana, karierna, préstasina, karyana, jeung sajabana. Téks-téks biografi téh sok diperlukeun keur rupa-rupa kaperluan. Di antarana baé keur ngalamar pagawéan, pangéling[1]ngéling kana jasa hiji jalma, atawa keur jadi dokumentasi sajarah. Réa buku-buku biografi anu tuluy kasohor lantaran eusina ngukabkeun gagasan, lalampahan, jeung ketak hiji inohong atawa jalma nu dianggap penting. Upamana baé biografi Mahatma Gandhi, biografi Ane Frank, biografi Ir. Sukarno, Biografi Présdién Suharto, jeung sajabana.